Sunda Klasik Cicih Cangkurileung - Titip Salam




SUNDA KLASIK

Gamelan Mitra Kencana
Pimp : Bpk Sutisna
Juru Kawih : Cicih cangkurileung

01. Kembang Ros Kayas
02. Silih Antosan
03. Titip Salam
04. Ngumbar Lamunan
05. Kiser Saedah Seri II
06. Baju Hejo
07. Bungur Pelog
08. Ginjing

Pangbalikan


Taneuh beureum panonoban cihcir peuting
solasih nu ngajaring
parentul tunggul kabingung
pangbalikan tempat anggang

Hateupna kuwung-kuwung payung paul
simbutna halimun gunung
dunya dunyana
lampuna gantung kasawang sajagat
rupana ngelebet hideung
kuring kuring
anjeun anjeun

Taneuh beureum panonoban cihcir peuting
solasih anu ngajaring
parentul tunggul kabingung
lalakon nu rek datang teu kateang

Kaendahan

Sajak Sayudi

Aya jalma
mapay jalan pileumpangan
kungsi nanya ka tukang beca
naon endahna di dunya ?

--Pareng mulang rebo ku eusi dulang
   si Bungsu mapag capetang

Datang ulama agama
naon endahna di dunya ?

--Neneda ka nu Kawasa
   migawe parentah Na
   sangkan dosa kula sirna

Paliwat jeung kembang jalan
naon endahna di dunya  ?

-- Mun akang ngajak nya mulang
    Pasrah raga talang nyawa

Kapegat jalma sosoak
naon endahna di dunya ?

-- Mun sloki dieusi wiski
    di dinya aya widadari

Amprok jeung sastrawan ngora
naon endahna di dunya ?

--Jawab andika nu boga
   lampah kula biheung endah keur andika
   nu pasti meujit na diri

Falsapah Ulin Penca

Penca urang Sunda ngabogaan ciri anu mandiri anu aya pakuat pakaitna jeung tata cara hirup urang sunda sapopoe anu turun tumurun, teu leupas tina Tata Titi Duduga Peryoga.

Tata nyaeta sireum, lamun papanggih jeung baturna sok patarema, leungeun silih sasalaman, silih tanya silih bantu jeung silih tulungan. 
Titi nyaeta titinggi, sifatna gotong royong, sanajan awakna gede tapi bisa maju (kaangkat) kusabab ditunjang ku sukuna anu rewuan sanajan bari jeung lemah. 
Duduga nyaeta haphap (cakcak nu aya jangjangan), lamun eunteup dina tangkal anu gede teu weleh dieundeuk eundeuk, bisi runtuh. Jadi sifatna salawasna waspada jeung ati-ati sarta tertib. 
Peryoga nyaeta Munding, sanajan tandukna baplang tapi nurut dibawa ku budak angon. Silibna jeung elmu, sanajan datang ti budak ari matak manfaat jeung mawa kasalametan dunya akherat perlu dicokot/diturut.
Kulantaran kitu nerap kana ulin Maen Po/Penca anu boga sifat Leuleus Jeujeur Liat Tali. Nyaeta Penca ngabogaan ciri :
  1. Teu meunang ngagorowok, tapi kudu balem
  2. Gerakna lemes, tapi merenah lamun perlu kakara make tanaga anu bedas
  3. Tara ngadu tanaga; tapi ngagunakeun tanaga batur anu dimangfaatkeun pikeun nyinglar panarajang
  4. Ngagunakeun kasaimbangan badan, tangtu teu perlu tempat anu lega
  5. Tenang tara gurung gusuh, tapi tetep waspada, bari ngatur napas
  6. Tajongan tara kaluhur teuing, cukup kahandap, lamun perlu kana beuteung atawa dada
  7. Pasangan dicocokkeun jeung sikep lawan, gunakeun sikep leungeun deukeut jeung dada, lamun perlu meunang jauh tina awak eta ge sakadar mancing panarajang lawan.
  8. Lamun lawan deukeut gunakeun kacepetan, sangkan keuna ka sasaran, bari sikep suku make kuda-kuda kasaimbangan anu beurat kahareup atawa katukang, kumaha kaperluanana nempo adeg-adeg lawan urang.
  9. Teu meunang ujub jeung takabur boga rasa asa aing uyah kidul, tapi urang kudu inget “Hirup Darma Wawayangan” Nu Maha Kuat jeung Perkasa anging Alloh SWT

Falsapah Ibingan Penca

Kembangna dina Penca nyaeta ibingan atawa igel, mangrupa hiji olahan gerak anu dumasar kana pokok jurus anu ditabeuhan ku kendang penca atawa kacapi suling. Jurus-jurus eta direka jadi ibingan anu make wirahma itungan 4, 5 jeung 7 ditungtungan ku goong anu disebut kempul. Anu di maksud ibingan tepak tilu nyaeta ibingan anu ngagunakeun 4 gerakan ditungtungan ku goong (kempul), ibingan peleredan nyaeta ibingan 5 gerakan ditungtungan ku goong, sedeng ibingan tepak dua nyaeta ibingan 7 gerakan anu ditungtungan ku goong.
Ibingan mangrupakeun kembang tina jurus, kalawan diolah jadi gerak anu luyu jeung wirahma sarta gerakanana ngandung simbul jurus anu kacida alusna matak genah katempona, make gerakan anu lemes jeung heuras kumaha perluna bae.
Ibingan anu hade kudu boga jalan carita anu luyu jeung kahirupan urang sunda buhun. Aturanana kudu :
  1. Hormat heula, rengkuh, nandakeun yen urang teu boga niat goreng estu hayang silih pikanyaah, silih asah, silih asuh jeung sasama manusa. Musuh hiji loba teuing, sobat sarebu saeutik teuing. Sikepna rapetkeun dua leungeun dina dada jiga rek nyembah
  2. Sikep jeung niat anu hade, hatena buleud gambaranana/ kembangna : Kuda-kuda anu panceg (teguh iman jeung niatna) Pasangan anu pantes, sarta panon lempeng ka hareup (buleud hatena) nandakeun gede wawanenna.
  3. Ngalaksanakeun pagawean naon ?… Contona: ngala lauk ka laut. Gerakan ka hiji : ngadorong parahu ti darat ka laut (bisaku gerakan Munding Rongga) Teruskeun neundeun parabot terus naek parahu Ngawelah ka tengah laut, pasang layar jeung sajabana.
  4. Nahan goda atawa cobaan alam, contona ku angin jeung ku ombak anu gede, urang usaha satekah polah ngalawan eta halangan (cadu mundur pantang mulang), satiap gogoda kudu diperangan. Hasil atawa teu hasil gumantung kana pagawean urang, tabah jeung henteuna, sabar jeung tawekalna, iman jeung taqwana ka Alloh. gerakan jurus anu di ibingkeun saolah-olah urang ngalawan musuh anu nyata, anu hakekatna ngalawan syetan anu salawasna mangaruhan hate urang kana jalan anu goreng.
  5. Kagumbiraan digelarkeun dina padungdung anu dinyatakeun ku budi anu luhur, roman anu marahmay kusabab geus bisa nalukeun setan dina diri urang.
  6. Salam ahir sarua jeung ngahormat dina no. 1 di luhur.

Kumpulan Sajak Sayudi

Sayudi dilahirkeun di Bandung dina taun 1932, di hiji kulawarga nu anggota-anggotana rea anu begerak dina lapangan kasenian. Bari digawe di kantorpos manehna jadi siswa Konservasi jurusan Sunda, sarta jadi salah saurang angkatan munggaran eta sakola, anu lulus dina taun 1961. 
Dina waktu dunya kasusastraan Sunda geumpeur ku polemik ngeunaan hak hirupna sajak dina basa Sunda, Sayudi mimiti nulis sarta ngumumkeun sajak-sajakna anu dimuat dina majalah-majalah dina waktu harita. Sanajan heunteu pipilueun maseakeun hak hirup sajak dina basa Sunda, tapi sajak-sajak Sayudi mangrupa bukti nu teu bisa dipungkir, Yen sajak minangka wangunan puisi mibogaan hak hirup dina basa Sunda. Sajak-sajakna Sayudi mangrupa wijining sastra anu luhur ajenna mangrupa hiji bukti yen minangka wangunan mah sajak teh bisa jadi wadah rasa-karsa ki Sunda, teu beda ti dangding anu asalna mah wangunan injeuman ti wetan.
Baca salajengna
Dina tulisan ieu, panulis baris ngeumpeulkeun kumpulan sajak Sayudi dina buku sajakna " Lalaki Di Tegal Pati" anu diterbitkeun ku panerbit "KIWARI" dina taun 1963.

BURAYAK MILU NENGGAK

Cancandran:
Baheula indung nu nungtun
nyurahan bentang di langit
laku para ratu punjul

mangka jarambah nya lampah
neuleuman leuwi nu demit
bisi aya jurig julig
jalma nyambalkeun karamat

Tembal ki Pantun:
Cag
teundeun dihandeulem sieum
tunda di hanjuang siang
paranti nyokot ninggalkeun

Hariring leutik:
Indung anu ngandung waktu
bapa nu miboga jaman
kiwari mangsa nyarita
wanci nyaring seug nyaringcing
geus beurang geura seug miang
wangkingan bedil jeung kujang
tamengna wawanen hate
panyukcruk tutugan singkur
nyaba ka alam nu aya
pibekeleun anak incu

kawih kuring lain angin
teu deuk muja bentang baranang
hamo pogot ku bebenjo

mangsabodo anu ngomong
moal eleh ku weweleh
ngababakan ka manusan 
naratas jalan padesan
nohonan lalakon hirup

Puseur Parahyangan 14-4-1955


NEANGAN

 Rajah :
Baeu mojang geura midang
anu mayung dina layung
tempat utun nundung wuyung
ngumbar ku kanyaah rasa
Mangsa :
Pecat sawed bati ewed
tengah dalu ngan hanjelu
lumampah marengan lengkah
tinggal ngahalimun gunung
napak talaga cimata
nyungsi dipukpruk kanyeri
Lieuk leuweung lieuk lamping
tiis jempling tengah peuting
taya rorongkeng ngaronggeng
sepi jangkrik teu ngarenghik
ngan batin nu melas melis
lalakon hirup nunggelis
Pasini :
Tapi kula moal suda
ti ayeuna meungpeung duda
neangan bebene hate
teu deuk humandeuar ku kadar
teu rek lumpat ku pangupat
teu rek ngejat ku supata
Kajeun tungkul nunjang ngidul
sorangan nandang wiwirang
ngocor getih jeung kapeurih
batan teu patepung lawung
jeung panundung anu liwung
pengeusi diri nu hurip 


PANGBALIKAN

Taneuh beureum panonoban cihcir peuring
solasih nu ngajaring
parentul tunggul kabingung
pangalikan tempat anggang


Hateupna kuwung kuwung payung paul
simbutna halimun gunung
dunya dunyana
lampuna gantung kasawang sajagat
rupana ngelebet hideung
kuring kuring
anjeun anjeun


Taneuh beureum panonoban cihcir peuting
solasih anu ngajaring
parentul tunggul kabingung
lalakon nu rek datang teu kateang

LONGSER


Lung ! Lung! Lung!
Gembrung gamelan surak eak eakan
randa dangdan ngembang gula
bujang neangan sampeuran


Ronggeng denger nangtang lawan
igel igel tanpa wirahma
imut imut pangirutan


Lung ! Lung! Lung!
Gamelan manjung kasukan
dilingkung ku kembang jalan
kalangenan
kalanggengan
dihibaran beureum obor
dina menit hujan duit
bisa poho ku panenjo


Kota sangkuriang Februari 1956

KATUMBIRI

Katumbiri ngukir langit
titihan putri panyari
turun mandi leuwi hiang
pangbibita urang huma
pangbebenjo budak angon
sampeureun mangsa rek datang

Katumbiri panyilo diri
sari langit taya bukti
ngaraja katuna daya
pananggeuhan dunya maya

Katumbiri dina ati
tuduh luhung kasakti diri
mangsa samagaha rasa

Pangruatna:
Mangka tanggah kana mega
jeung tungkul ka tapak suku 


Kota S, Maret 1956


MIELING


Poe ieu raatna hujan silantang
tinggal bulan diampar buludru biru
jeung kacapi dina ati
kerelekna pancuran kaasih diri
taya tungtungna......


Jalan ngabulungbung mawa hate ngumbara
ajug ajug tanpa wujud
seuneu seuneu tanpa rupa
 pasini menta pameuli


Isukan kuring miang
mapag hibar tebeh wetan
bareng jeung ibun turun ti gunung
teu perlu kasima ku dunya
hirup nu anjeun hirup nu kuring


kota S. 1956

SAJARAH KABUDAYAN PENCA


Nu mawi ieu buku dingaranan sajarah kabudayan penca teh, dumeh nu bade dicarioskeunana asal muasalna penca, malak mandar jadi panghudang kanu heuteu acan uninga (teu acan resep) kana ieu kabudayan; atuh kanggo anu parantos uninga etang-etang ngawangsulan bae, kanggo ngiatkeun maksad ngamajengkeun kabinangkitan karuhun Sunda, supados ulah dugi ka pareum di tengah jalan.
Bawi raos nu ngadamel ieu pedaran, ti kapungkur tug dugi ka kiwari teu acan aya ahli penca nu kersa mintonkeun buah manahna, ngadamel buku pangeling-eling gelarna ieu kabinangkitan di tanah Sunda.
Sim kuring nu ngalaman jaman anu palinter tina perkawis penca di tanah Cianjur, sapertos Juragan Rd. H. Ibrahim di cikalong, Ama Sabandar di Sabandar (Cianjur), ngaraos katarik, hoyong mintonkeun ka umum, lalakonna eta ahli-ahli menca, malak mandar jadi panarik ka seuweu putu Sunda kana ngagungkeun kabinangkitanana.
Ngemutkeun umur parantos tunggang gunung (dugi ka waktos ieu teh + 80 taun), meungpeung rada jagjag keneh maksakeun ngeureuyeuh tina seueur anu marundut ti ditu ti dieu. Ku emutan, upami mung numutkeun wartos pawartos-wartos deui mah, tangtos wuwuh lami wuwuh nebihan tina hartos anu saleresna sareng moal patos sakumaha nyebarna ka umum.